Jumat, 31 Mei 2013

Naskah Drama Bahasa Sunda



Tema : KDRT
Tokoh :
    • M. Nizar Zulfikar    salaku    Ibro (Ayah Mimin)
    • Ayu Lestari             salaku   Onih (Ibu Mimin)
    • Haifa Mufidah R     salaku    Mimin (Pelajar) dan Riska (Mahasiswa)
    • Widya Hadiati R     salaku    Mu'ah 
    • Agung H. S             salaku    Damar (Mahasiswa)





          Kacaturkeun di hiji desa anu namina desa Suka maju alim mundur, aya hiji pamuda anu namina Ibro. Eta pamuda teh resepeun ka hiji istri anu namina Onih. Kumaha caritana kieu gera yeuh
Ibro                  : Neng, ari neng teh jalmi atanapi naon meni geulis-geulis teuing ?
Onih                : Muhun atuh akang abi mah jalmi maenya we jurig sakieu geulisna.
Ibro                  : Aeh aeh si neng ditaros ku akang teh.
Onih                : Akang atuh da, ngawitan teh kitu.
Ibro                  : Ah wios we bade naon ge lah akang cinta ka neng onih, bogoh, resep teh  ih.
Onih                : Naon ari akang meni lebay kitu.
Ibro                  : Kumaha atuh neng, ditampi teu ?
Onih                : Muhun atuh kang biar akang ciga lutung oge neng teh bogoh.
          Atos aya dua taun eta Onih sareng Ibro bobogohan, nya aranjeunna teh nikah dugi ka dipasihan putri anu namina Mimin (rada idiot tea).
Onih                : Akang... gaduh dosa naon nya abi teh gaduh putri meni idiot kieu.
Ibro                 : Eh ari nyai kedah narimakeun da ieu teh titipan ti Gusti Alloh, amanah nyai.
Onih                : Astagfirullahaladzim..alah leres nya kang.
Ibro                 : Nya atos we atuh, sok pangdamelkeun heula ci kopi kanggo akang ayeuna mah.
Onih                : Muhun atuh antosan sakedap nya kang.
            Leos weh nyi Onih ka dapur kanggo ninyuh ci kopi, saberesna ninyuh, kopi langsung dipasihkeun ka kang Ibro nu nuju calik sidengdang.
Ibro                  : (puah) na nyai meni pait kieu.
Onih                : Pan gula na seep da maklum atuh kang tanggal kolot ayeuna teh.
Ibro                  : Naha ari nyai henteu gaduh eemutan ? ayeuna mah bulan Mei mbu.
Onih                : Eh sanes kitu, maksudna teh ayeuna nuju akhir bulan. Janten teu acan gajihan.
Ibro                  : Naon tuh nya salah deui, ayeuna mah sidikan tanggal muda ai nyai, apan ayeuna teh tanggal 8.
Onih                : Eh nya nyai ge terang, apanan ieu mah cek skenariona.
Ibro                  : Aih enya enya, maklum lah abi teu acan maca skenario sadayana.
Onih                : Eeehh..nya entos-entos atuh.
Ibro                  : Euh nya engges weh ai kitu mah (bari ngaleos).
          Hiji mangsa Mimin nembe uih ti sakola bari tibuburanjat hoyong tereh dugi ka bumina, kanggo nyungkeun artos SPP. Kaleresan dina waktos anu sasarengan Kang Ibro nembe uih ti padamelanana.
Mimin             : Ambu, ambu, Mimin teh isin can mayar SPP ka sakola nyungkeun artos atuh nyai.
Onih                : Sabar we cu anaking nyai teh teu acan gaduh artos pan si abah teh can gajian.
Mimin             : Muhun atuh ambu.
Ibro                 : Aduh kumaha kuring ngomong ka  si nyai, mana di PHK deui (gegetret teras bari keketrok panto).
Onih                : Aeh akang nembe pulang kadieu kasep lebet, kumaha tadi lancar didamelna kang ?
Ibro                  : Hmm..nyai, saleresna akang teh di PHK. (bari semu tungkul tur bingung)
Onih                : Kulan..akang ngiringan PKK ?
Ibro                 : Aduh aing boga pamajikan teh KDRT pisan, terang KDRT pamirsa naon ? KDRT teh kurang denge rada torek. Di PHK nyaiuu...
Onih                : Na ku saha akang di PHK-na teh ? Tapi PHK teh pemberi harapan kosong ?
Ibro                  : Ah da kitu ai anu hobina lalajo FTV mh. Di PHK teh di Putus Hubungan Kerja, alias di kaluarkeun akan ti padamelan nu ayeunana
Onih                : Astagfirullah, naha akang bet tiasa di PKK, eh naon ari tadi teh penonton cenah ?
Onih                : Ah akang mah, teu nyaho kuring mah kudu nyepeng duit. Tuh si Mimin menta duit deuih tadi keur mayar SPP, geus lah rek sare, tunduh, hayang kopi mah nyieun sorangan.
Ibro                  : Astagfirullah nurustunjung siah ka salaki teh. Laina nenangkeun kanu jadi salaki teh, komo deui ieu karek di PHK. Aingmah kaduhung kawin jeung si Onih teh, asli bray..Demi Tuhaaaann.
          Enjingna pas Mimin nembe dongkap ka sakola, anjeuna langsung nyampeurkeun babaturanana anu nuju ngeukeuweuk hp.
Mu’ah                : Mimin..mimin, tinggal abi mah gaduh BB anyar.. hadiah ulang taun ti bapak abi, anjeun terang teu ?
Mimin             : BB teh naon ? Beuteung Bucitreuk ?
Mu’ah  : Euleuh-euleuh jaman kiwari teu apal BB..(bari gogodeg). Ai Samak terang ?
Mimin             : Nya terang atuh.
Mu’ah  : Ai Nyiru terang..nyiru ?
Mimin             : Komo deui lamun eta mah, nya terang atuh.
Mu’ah  : Oh kitu nya..siip atuh.
Mimin             : Oh jadi BB teh sabangsa nyiru anu di  tutupan ku samak nya ?
Mu’ah  : Nya lain atuh.
Mimin             : Teras naha atuh Mu’ah bet naroskeun abi terang samak atawa nyiru ?
Mu’ah  : Ah henteu.., ngan naros we hungkul. (ngaleos bari nyeungseurikeun Mimin)
Mimin             : Wooo...dasar sombong euy, awas tah abi ge engke rek nyungkeun pangmeserkeun BB ka bapa abi..tapi duka ari dipangmeserkeunana mah.
          Ahirna Mimin teu damang ku sabab pamentana teu ditedunan ku kolotna. Tapi Mimin teu ninggalikeun kaayaan sabenerna ka kolotna teh. Dina hiji mangsa Mimin saking stresna hoyong BB, anjeuna milih bunuh diri ku cara ngagajleng tina kenteng bumina teras langsung lebet ka sumur, teras kapendak ku Ibro anu nembe kaluar ti kamar cai.
Onih                : Astagfirullah sora naon eta anu ngecemplung kana sumur..(bari nyaketan sumur) euleuh naon eta anu ampul-ampulan hideung.(teu kungsi lami pecenghul mastaka mimin anu geubis ka sumur)

          Di lain tempat Mu’ah nuju nyantei nonton tv, bari ngalamun ngeunaan bapa na anu jarang uih anjeuna ngarasa kurang diperhatikeun ku kolotna. Mu’ah ngarasa kasepian, Mu’ah jol emut ka Mimin anu osok katinggal senang wae kulantaran osok diperhatikeun ku kolotna anu mangrupa kanyaah.
Mu’ah              :  Alah naha nya mani nalangsa kieu hirup teh, beunghar ku beungharna tapi kurang aya perhatian ti kolot teh. Ngeunah nya si Mimin mah sanajan kurang mampuh oge, tapi kolotna mani perhatian pisan ka Mimin teh. Ngeunah nya jadi si Mimin, hoyong da abimah gaduh kolot anu perhatian siga kitu teh.
          Teu kungsi lami kirining aya telepon ti Nyai Onih ngabejaan Mu’ah, yen Mimin atos pupus.
Onih                : Assalamualaikum Mu’ah si Mimin, Mu’ah si Mimin, si Mimin...
Mu’ah  : Waalaikumsalam, aya naon nyai...euleuh meni rareuwas kieu, aya naon, aya naon ?
Onih                : Mimin ngantunkeun Mu’ah tadi kapendak dina sumur.
Mu’ah              : Astagfirullohaladzim Innalillahi leres eta teh nyai ?
Onih                : Muhun leres, kadieu enggal geulis gera nepungan.
Mu’ah  : Oh muhun-muhun mbu, abdi ayeuna angkat kadinya (bari tibuburanjat)
Sadongkapna Mu’ah di bumi Mimin, anjeuna ninggal jenazah Mimin anu nuju di du’akeun ku kulawargana.
Mu’ah             : Ya Alloh Mimin hapunten abi, abi rumaos osok ngaheureuran, osok ngajailan Mimin. Abi kaduhung osok ngajailan Mimin wae. (bari nangis jeung nangkeup jasad Mimin)
Onih                : Hmm..ayeuna mah dibumi teh nyai bakal sepi nya. Anu biasana aya Mimin masing kadang osok ngajengkelkeun oge tapi angger we da nyaah, osok jadi panghibur lamun keur nalangsa teh. Ayeuna mung duaan we nyai sareng akang anu aya di bumi teh.
Mu’ah             : Hmm...nyai, tenang nyai ulah sieun sepi. Abi hoyong da janten anak angkat nyai sareng abah.
Onih                : Leres eta teh geulis ?                                                                        
Mu’ah             : Muhun nyai leres.
Onih                : Aduh alhamdulillah Ya Allah..hatur nuhun atos masihan panggentos si Mimin (nginghak bari nangkeup Mu’ah, anu sami-sami nangis)

            Mangbulan-bulan Mu’ah hirup sareng keluaga Abah Ibro sareng Nyai Onih, anjeuna betah tur ngarasa gumbira kulantaran osok diperhatikeun wae, teu cara siga ku kolotna sorangan.Dina hiji mangsa aya 2 Mahasiswa anu dongkap ti kota bade ngalakukeun panalungtikan kaayaan sosial di desa eta.
Damar             : Ris aduh capek nih, istirahat dulu yuah..lagian tempatnya juga masih jauh deh kayaknya.
Riska               : Yee..masa kamu kalah sama aku yang perempuan, aku aja gak kecapean koq. Lagian tempatnya tuh itu udah keliatan. Ayo, ayo.
Damar          : Hmm..yayaya, ayo kalo begitu kita lanjutkan lagi.
Riska             : Nah gitu dong, itu baru namanya cowok.

            Riska sareng Damar ahirna dugi ka tempat anu di tuju, di eta tempat Riska sareng Damar pendak sareng ibu Onih anu nuju napi beas di payuneun bumina.
Damar          : Permisi ibu, apa ini benar rumahnya pak Ibro ?
Onih              : Oh muhun iyah a, kalo boleh tau aa teh dari mana yah ?
Damar          : kami teh mahasiswa dari Universitas Panca Sakti, bade ngalakukeun penelitian ngeunaan kahidupan sosial di kampung ieu.
Onih              : oh mangga-manggga de, silahkan tapi teu ngaruksak bumi ibu kan ?
Riska             : oh iyah atuh ibu kami mah gak merusak koq, tenang bu aman kami mah.
Onih              : Hehehe..aya-aya wae si eneng mah, oh iyah atuh sok mangga silahkan masuk.
Riska             : Ayo Dam masuk.
Damar          : Iyah atuh ayo.
Riska             : Assalamualaikum (bari lebet ka bumi)
Onih              : Waalaikumsalam, alah neng, jang punten nya, rumahnya juga kecil ini teh.
Damar          : Oh iyah gpp atuh bu, malahan kami berterimakasih karena ibu bersedia, menerima kami untuk menginap di rumah ibu.
            Pas Damar sareng Riska atos aya di lebet bumi, torojol Mu’ah ti dapur nyamperkeun ka Onih. Damar anu basa eta nuju maenken hp na, ngadadak colohok ku kageulisan Mua’ah.
Mu’ah           : Eh aya tamu
Onih              : Oh muhun kaleresan aya Mu’ah, Jang, Neng tah ini anak ibu, Namanya teh Mu’ah.
Mu’ah           : Mu’ah (bari sasalaman ka duanana)
Riska             : Riska
Damar          : Damar (bari lami nyepeng panangan Mu’ah na teh)
Onih              : Eleh hilap nya teu acan di suguhan cai. Mu’ah punten pangnyandakeun cai kanggo tamu teh.
Damar          : Eh gak usah bu, ngerepotin jadinya.
Onih              : Eehh..udh te nanaon, tuinggu ya (bari ngaleos ka dapur sareng Mu’ah)

            Teras Riska ngobrol sareng Damar, bari semu nyepetan.
Riska             : Ciee..ciee, ada yang lagi kasmaran nih.
Damar          : Apaan ih, gak da eh..sotoy kamu mah.
Riska             : Ngaku aja Mar, gakan saya bilangin koq.
Damar          : Iya ih beneran, ngpain aku suka sama cewek kampung kaya dia.
Riska             : Hmm..jangan bohong deh.
Damar          : Iya iya deh, aku emg suka sama dia, soalnya dia cantik banget. Dan keliatannya dia cewek yang baik.
Riska             : Ciee..ahirnya ngaku juga, baru aja nyampe udh ngecengin cewek lagi kamu mah.
Onih              : Alah maaf nya de rada lama, ibu teh bawa cainya.
Damar          : Oh iyah gpp kq ibu, maaf yh jadi ngerepotin.
Onih              : Ya gpp atuh de.

            Saatos Damar sareng Onih seep eueut caina, Onih nunjukeun kamar anu bade ditempatan. Ampir seep waktos aranjeuna ngalakukeun panalungtikan di eta kampung. Akhirna damar ngawanikeun diri kanggo nyatakeun ngeunaan paraosanana ka Mu’ah, anu basa eta sami-sami nuju di luar bumi.
Damar          : Eee..mm, Mu’ah wios akang nyarios sesuatu ka Mu’ah.
Mu’ah           : Nya wios atuh kang, emg bade nyarios naon akang teh ?
Damar          : Sebenarnya, akang teh suka ka Mu’ah, semenjak pertama kali bertemu.
Mu’ah              : Hmm..oh gitu yah kang(tungkul bari isin)
Damar          : Ai Mu’ah suka gk ka akang.
Mu’ah           : Iyah kang Mu’ah juga suka ka akang teh.
Damar          : (bari nyepeng panangan Mu’ah) Wah serius Mu’ah, terus Mu’ah mw gk jadi pacar akang ?
Mu’ah           : Iyah kang Mu’ah mw, tapi gimana nanti kita kan jadi berjauhan.
Damar          : Gpp jangan takut, akang aka datang setiap minggu kesini, tapi kalo lagi sibuk paling sebulan sekali.
Mu’ah           : Oh iyah terserah akang aja Mu’ah mh, asalkan akang setia aja ka Mu’ah.
Damar          : Iya atuh neng akang pasti bakal setia.
Mu’ah           : Oia akang punya nomor telepon/pin BB ?
Damar          : Oh kamu juga punya BB ?
Mu’ah           : yaiya atuh kang, meskipun orang kampung tapi soal tekhnologi mah jangan ketinggalan.
Damar          : Ohaha bener-bener neng, oia ini pin akang teh.
Mu’ah           : Sok sebatkeun ku akang.
Damar          : 1L0V3Y0U, ai yang Mu’ah berapa ?
Mu'ah           : B450UR4T

            Enjingna Damar sareng Riska, uih deui ka kota.
Damar          : Ibu, Mu’ah ayeuna abi bade aruih heula, hatur nuhun salami dua minggu ieu atos nampi kami di rumah ibu.
Riska             : iyah ibu makasih banyaak yah.
Damar          : oia Mu’ah, nanti akang akan datang tiap minggu kesini.
Riska             : cie..cie, yg udah pacaran.
Mu’ah           : iyah akang, akang jangan selingkuh yh di sananya.
Damar          : Iyah neng akang gkn selingkuh kq.
1Riska           : Tenang Mu’ah, nanti saya awasin, dia kalo nakal mah.
Mu’ah           : Iyah teteh makasih yh.
Damar          : kalo begitu kami teh pulang dulu yah bu, Mu’ah.
Onih              : Iyah sok ati” nya neng, jang. Nanti lamun atos nyape ngasih tau kami nya.
Damar          : Iyah bu ke kami kasih tau.
Riska             : Kalo begitu kami pulang dulu yh bu, Assalamualaikum.
Onih&Muah : Waalaikumsalam

Akhirna Damar sareng Riska uih deui ka kota asalna. Damar tiap saminggon sakali atau sabulan sakali osok dongkap ka bumi Mu’ah. Saatos sababaraha taun Damar sareng Mu’ah bobogohan. Akhirna damar ngajadikeun Mu’ah istrina teras dicandak ka kota ngiring Damar anu atos gaduh padamelan di salah sahiji kantor di Jakarta. Arenjeuna hirup tengtrem tur jadi keluarga anu sakinah, mawadah, warohmah.

Semoga Bermanfaat. Terima Kasih :)